puseur sawangan

puseur sawangan

jawaban

Anu disebut puseur sawangan dina novel atawa carpon nyaeta ku saha eta novel atawa carpon ditulisna, naha anu nulisna aya dina eta carita atawa henteu. Dina basa Indonesia puseur sawangan disebut “sudut pandang”. Puseur sawangan atawa sudut pandang teh mangrupakeun salahsahiji unsur intrinsik nu aya dina karya sastra wangun prosa, saperti novel, capon atawa dongeng.

 

Pembahasan

 

Novel, carpon jeung dongeng, oge jeung carita wayang teh mangrupakeun karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa moderen. Dongeng jeung carita wayang kaasup kana prosa buhun. Sedengkeun novel jeung carpon kasup kana prosa moderen.